Rabu, 20 Juni 2012

DO’A MUHASABAH
الحمد لله رب العلمين حمدا شاكرين..................................................................
اللهم ربنا يا ربنا تقبل من انك انت السميع العليم ..............................................................................
Ya allah pangeran abdi sadaya anu maha welas tur asih ka hambana,anu ngaijabah kana sugrianing paneja hambana ,dina ieu saat abdi sadaya kempel,mantengken manah,ngakatkeun dua panangan,dumeuhes ,jumerit kapayunen gusti,seja ngadua ,ngantos qobul ijabah gusti.Abdi sadaya yakin mung gusti anu uninga tur ninggal kana kereteg hambana,kana pamunutna hamba ,mung gusti anu ngaijabah kana  sugrianing do’a hambana.
Ya allah yaa ya rahmaan ya rahiim
Abdi sadaya sadar,rumaos lamokot ku dosa, dosa alit ageung,dosa anu di haja  anu teu dihaja,anu karaos,anu teu karaos, ,  seuur kahilapan ,kaalfaan,Kumargi kitu dina ya allah dina ieu wengi anu mulya  abdi sadaya  ,seja tobat tina sadaya dosa.hapunten abdi sadaya,ibu rama anu tos mulasara  abdi sadaya ,bojo abdi,palaputra abdi,wargi wargi abdi,guru guru abdi,para pamingpin abdi sadaya ,jamiil muslimin wal muslimat  , abdi sadaya yakin,gusti lautan hampura (inallah gapururrahim),mung gusti anu tiasa nyalametkeun abdi sadaya  tina azab sareng panasna naraka.

Ya allah ya gafuur ya syakuur
Dina ngeusian lembaran kahirupan di ieu alam dunya ,abdi rumaos ,seueur ngalalaworakeun amanah,umur,kasehatan sareng kakuatan anu di paparikeun ku gusti,parentah ibadah seuur  dibantah,panyegah seuur  di di sorang,kawajiban sholat sering kaliwat,kawajiban zakat ,sodakoh jariah karaos  beurat,kana puasa teu kawasa,dipaparin rizki abdi sadaya jarang syukur,jeung tatangga teu pati akur,kana dzikir jeung istigfar sering mungkir,kana al-qur’an nukang nonggong,kumargi kitu yaa allah ,limpahkeun ka abdi sadaya taufik sareng hidayah sangkan abdi sadaya tetep istiqomah dina ibadah.salamina ngabakti ka gusti.
Ya allah ya robalalamiin
Abdi sadaya rumaos upami kasab abdi seuur  gasab, nipu jeung malsu,dina campur gaul sok ngagugu nafsu ngumbar amarah,awak sering milampah maksiat,manah  syirik pidik,ujub sareng takabur,letah  sering mitnah ,namimah sareng gibah.soca tara di anggo maca qur.an,cepil jarang dianggo ngupingkeu kasaean,leungen,suku jarang diangge ngabantu kahadean  kumargi kitu ya allah limpahkeun ka abdi sadaya  taufik sareng hidayah  sangkansalamina tiasa nyumponan parentah.
Allahumaa towil umuurona………
Ya allah panjangkeun yuswa abdi sadaya,sehat keun jasmani katut rohani abdi sadya,sangkan abdi sadaya tiasa nambih amal sholeh sareng tobat ka gusti.tetepkeun iman abdi sadaya,caangkeun hate abdi sadaya,jembarkeun rijki abdi sadaya,caketkeun pirang –pirang kasaean ka abdi sadaya,tebihkeun pirang-pirang  kaawonan,balai dunya balai akherat  ti abdi sadaya,cumponan pirang-pirang bubutuh abdi sadaya di dunya sareng di akherat,tambikeun elmu anu barokah ka abdi sadaya,sareng kakiataan ,kasabaran sareng kaimanan  ka abdi  sadaya sangkan tiasa istiqomah ngamakmureun ieu masjid di anggo munajat ka gusti dianggo sumujud ka gusti
Ya allah …kalayan ucapan la haula wala………………………
Teu aya daya sareng kakuatan dina ngalaksanakeun kataatan ka gusti,teu aya daya sareng kakuatan dina nyingkahan larangan gusti anging ku pitulung gusti.
Allahumma bariklana fi rojaba wasa’bana wabaligna ramadhona wahasil makosidana.
Ya allah lungsurkeun barakah sareng fadilah dina ieu sasih rajab.lungsurkeun barakah sareng fadilah kin dina sasih saban.sareng dugikeun abdi sadaya kana sasih ramadhan .Ya allah kabulkeun do’a  sareng pamaksadan abdi sadaya Istajib dua ana ya alah .amien ya rabbal alamin.
Rabana la tuakhidna inasiana ao akhtona.robbana wala tuahammilna maalaa tokokota lana bih wa fauna,wagfirlana warhamana anta maulana fanngsurna alall qaumil kafiriin.
Rabbana atina fidunya hasanah  wafil akhirati hasanah waqina aza banaar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar